Jaman baheula, baheulaning baheula, di sabundeureun Jatiluhur, Purwakarta ayeuna, mash keneh loba leuweung geledegan. Leuweung gonggong simagonggong, leuweung si sumenem jati. Ari anu ngageugeuh di eta leuweung katut gunung-gunung di sabudeureunana, hiji lelembut titisan siluman jaman Sangkuriang. Ngarana Jonggrang Kalapitung. Awakna jangkung badag tanding gunung. Kulitna hideung lestreng. Bulu kumis jeung jenggotna sagede-gede tambak injuk. Buukna gimbal, kakara oyag lamun katebak angin baliung. Estu pikagilaeun jeung pikasieuneun pisan. Mun ngomong, sorana handaruan tading gugur. Hese ngabedakeunana, naha keur leuleuy atawa keur ambek.